2 Samuel 17
Sanggeus kitu Ahitopel unjukan ka Absalom, "Jisim abdi nyuhunkeun jalmi dua belas rebu urang, bade ngudag Daud engke wengi.
Bade ditarajang meungpeung keur ripuheun keneh. Tangtos anjeunna gugup, pangiringna bakal paburisat kalalabur. Anu diarah patina mung raja.
Pangiringna mah bade dibantun ka Gamparan, lir panganten awewe nepangan salakina. Nu diarah mung saurang, anu dipikapalay ku Gusti. Anu sanes-sanesna urang hirupan."
Ku pamendak Absalom jeung para pamingpin Israil eta nasehat kacida hadena.
Saur Absalom, "Cik urang tanya pamanggih Husai kumaha."
Sanggeus Husai marek, Absalom mariksa, "Kitu pirempug Ahitopel. Turutkeun atawa ulah? Lamun ulah, coba kumaha pikiran maneh?"
Saur Husai, "Nun, sakali ieu mah pirempag Ahitopel henteu sae.
Gamparan langkung uninga, tuang rama, Daud, sareng pangiringna, jago-jago tarung, garalakna sapertos biruang anu dibantun anakna. Tuang rama teh prajurit kahot, seueur pangalaman, sareng wengi ieu tangtos moal ngahiji sareng balad.
Manawi ayeuna teh keur nyumput, ngintip di lebet guha duka di mana. Saupami Daud ujug-ujug narajang dugi ka balad ti dieu kasoran, tangtos sanggem anu ngaruping teh balad Gamparan parantos kasoran.
Upami parantos kitu, jalmi anu panggagahna sareng teuneungna ibarat singa ge tangtos murungkut hatena. Margi sadayana ge parantos teu aya nu bireuk kana kagagahan tuang rama sabaladna.
Pirempag abdi gamparan mah kieu: Kerid sabangsa Israil ti tungtung dugi ka tungtung, ti Dan dugi ka Berseba, dugi ka seueurna sapertos keusik di basisir. Candak perang, pingpin nyalira ku Gamparan.
Ku jalan kieu, sanaos Daud nyumput di mana ge moal teu kapendak. Memeh uningaeun kitu kieuna der tarajang. Ditanggel, anjeunna sabaladna moal aya anu luput.
Bilih bae anjeunna mubus ka salah sawios kota, kotana sina diered ku balad urang ku tambang, jungkelkeun kana jurang dugi ka pasirna teu nyesa batu hiji-hiji acan."
Saur Absalom kitu deui ceuk urang Israil, "Pirempug Husai leuwih alus ti batan pirempug Ahitopel." Geus kitu kersaning PANGERAN, pirempug Ahitopel anu sakitu alusna teh henteu dianggap, sarta hal eta bakal jadi lantaran cilakana Absalom.
Geus kitu Husai wawartos ka Imam Sadok jeung Abyatar yen anjeunna tas ngahaturkeun pirempug kitu ka Absalom jeung para gegedenna, sarta hal pirempugna Ahitopel.
"Enggal wartoskeun ka Daud," saur Husai. "Wengi ieu ulah ngarereb di peupeuntasan ka tanah gurun, kedah enggal meuntasan Walungan Yordan, bilih kabujeng kabasmi."
Yonatan bin Abyatar jeung Ahimaas bin Sadok keur tarunggu di pasisian Yerusalem, sisi sumur di En Rogel, teu waranieun arasup ka jero kota, sieun aya anu nenjoeun. Jol tukang ngabejaanana anu geus baku, hiji gandek awewe, mawa beja anu kudu buru-buru diwartoskeun ka Daud.
Tapi sakali eta mah anu duaan teh katenjoeun ku hiji budak lalaki, tuluy dibejakeun ka Absalom. Gancang duanana nyumput ka salah sahiji imah urang desa Bahurim, tuluy arasup ka jero sumur di buruan eta imah.
Rup sumurna dituruban ku pamajikan nu boga imah, turubna diamparan gabah, teu katara di dinya aya nu nyumput.
Burudul abdi-abdi Absalom daratang tuluy nanyakeun, "Mana si Ahimaas jeung si Yonatan?" Ku eta awewe dijawab, "Parantos mareuntasan walungan." Terus dikotektak, teu kapanggih. Anu nareangan baralik.
Ahimaas jeung Yonatan haranjat ti sumur tuluy kebat ka Daud. Nasehat Ahitopel diunjukkeun. Pokna deui, "Enggal meuntas!"
Daud sapangiringna pakepuk meuntasan Walungan Yordan. Bray isuk teh geus teu aya saurang-urang acan anu tinggal.
Ari Ahitopel sanggeus pirempugna henteu kapake, clak bae kana kalde, mulang ka lemburna. Sanggeus wawasiatan, gurawil ngagantung maneh. Tuluy dikuburkeun di makam kulawargana.
Waktu Absalom jeung urang Israil keur mareuntasan Walungan Yordan, Daud mah geus aya di kota Mahanaim.
(Absalom geus ngangkat Amasa jadi panglima gaganti Yoab. Amasa teh anak Yitra urang Ismail, ari ibuna Abigail binti Nahas, saderekna Seruya ibuna Yoab.)
Absalom masanggrahan heula di tanah Gilad.
Ari Daud sasumpingna ka Mahanaim ditepangan ku tilu jelema, nya eta Sobi bin Nahas ti kota Raba di Amon, Makir bin Amiel urang Lodebar, jeung Barsilai urang Rogelim di tanah Gilad.
Maranehna marawakeun bokor-bokor, wawadahan tina taneuh, kasur, kitu deui bahan dahareun pikeun Daud sabaladna: Gandum, tarigu, daging, sanggray gandum, kacang buncis, madu, kiju, mantega, jeung domba sababaraha hiji. Maranehna nyarahoeun yen Daud sabaladna tangtu lapar jeung aus, tur cape aya di tanah gurun teh.
(17:28)